Kamis, 24 Maret 2016

Karya Tulis Ilmiah Tema RA Kartini


Raden ajeng kartini nyaeta salah sahiji pejuang kamajengan wanoja di Indonesia, anu lahir dijepara kaping 21 april 1879 anu ayeuna di tetepkeun janten salah sahiji hari besar nasional di Indonesia.
Kartini mangrupa putri ti raden adipati joyodiningrat salaku bupati rembang dina zamanna. Dina waktos eta wanoja – wanoja Indonesia teh dilarang sakola kusabab aya anggapan istri mah percuma sakola luhur ge da pasti bakal ka dapur – dapur keneh. Sareng aya anggapan ouge awewe mah dulang ti nande nyaeta sagala sumuhun dawuh ka salaki. Istri anu tiasa sakola the saukur putri bangsawan sareng orang penting hungkul.
Kartini kusabab mangrupa putri orang penting, tiasa sakola. Anjeunna mung sakola dugi ka E.L.S. (Europese Lagere School) atanapi satingkat tingkat sareng sakola dasar. Waktos eta, kartini saleresna estu mihoyong tiasa ngagaduhan pendidikan nu langkung luhur, mung mangrupina kabiasaan sareng waktos harita, ngajantenkeun anjeunna henteu diwidian  ku sepuhna.
Adat-istiadat nu lumrah di tempat babarna nyaeta dimana hiji wanoja atos rengse namatkan sakola di tingkat sakola dasar, kedah ngajalankeun masa pingitan dugi ka waktosna pikeun rimbitan.
Ninggal kaayaan di nagarana nu sapertos kitu, kartini kagerak hatena pikeun ngalepaskeun kaumna tina diskriminasi anu tos ngabudaya dina zamanna. Ti kawit harita, anjeunna gaduh kahoyong sareng tekad nu kuat kangge ngadegkeun sakola pikeun ngamajukeun wanoja Indonesia nyaeta kucara ningkatkeun tarap pendidikan para wanoja.
Pikeun ngarealisasikeun cita-citana eta, anjeunna ngawitan ku ngadegkeun sakola kangge anak gadis di daerah babarna, Jepara. Di eta sakola anjeunna ngajarkan palajaran ngaput, nyulam, masak, sareng rupi-rupi Sadaya katerampilan didugikeun ka murid-muridna kalayan garatis.
Kangge ngawujudkeun cita – citana eta, kartini ngagaduhan tekad pikeun ngalajeungkeun ka Sakola Guru di Nagara Belanda Kalayan dukungan ti rerencanganna urang Walanda, Nyi Ajeng Kartini kenging beasiswa kangge ngalajengkeun sakola di nagara Walanda. Tapi, ramana,  Raden Adipati Joyodiningrat, Bupati di Rembang, teu ngawidian anjeunna. Malah ramana ngahalangan tekadna ku cara maksa RA Kartini supados rimbitan.
Saatos atos nikah, anjeunna masih ngadegkeun sakola di Rembang salian sakola di Jepara nu atos didirikeun sateuacan rimbitan. Naon  nu atos dipilaku  RA Kartini estu langkung Seueur pangaruhna kangge kebangkitan bangsa urang. Mingking bakal langkung ageung sareng langkung seueur nu dipilaku ku anjeunna kangge kamajuan wanoja Indonesia.
Habis Gelap Terbitlah Terang, nyaeta judul buku tina kempelan serat-serat Raden Ajeng Kartini nu kakoncara. Serat-serat nu diseratkeun kangge sobat-sobatna di nagara Belanda. Buku eta janten ngahudanggkeun sumanget para wanoja Indonesia dina merjuangkeun hak-hakna.
Perjuangan Kartini teu ukur diserat di luhur kertas tapi dibuktoskeun ku ngadegkeun sakola gratis pikeun anak gadis di Jepara sareng Rembang. Ngemutkeun ageungna jasa Kartini netepkeun kangge bangsa urang nya atas nami nagara, pamarentahan Presiden Soekarno netepkeun Kartini mangrupi Pahlawan Kemerdekaan Nasional tur netepkeun dinten lahir Kartini, tanggal 21 April, pikeun dipikaemut unggal taun nu saterasna dikenal mangrupi Dinten Kartini.



Tidak ada komentar:

Posting Komentar