RADEN AJENG KARTINI PEJUANG KAMAJENGAN WANOJA DI INDONESIA
kiki ikhlas sari
Raden
ajeng kartini nyaeta salah sahiji pejuang kamajengan wanoja di Indonesia, anu
lahir dijepara kaping 21 april 1879 anu ayeuna di tetepkeun janten salah sahiji
hari besar nasional di Indonesia. Kartini mangrupa putri ti raden adipati
joyodiningrat salaku bupati rembang dina zamanna.
Dina
waktos eta wanoja – wanoja Indonesia teh dilarang sakola kusabab aya anggapan
istri mah percuma sakola luhur ge da pasti bakal ka dapur – dapur keneh. Sareng
aya anggapan ouge awewe mah dulang ti nande nyaeta sagala sumuhun dawuh ka salaki.
Istri anu tiasa sakola teh saukur putri
bangsawan sareng orang penting hungkul. Anjeunna kusabab mangrupa putri orang
penting, janten anjeunna tiasa sakola. Anjeunna mung sakola dugi ka E.L.S.
(Europese Lagere School) atanapi satingkat tingkat sareng sakola dasar. Waktos
eta, kartini saleresna estu mihoyong tiasa ngagaduhan pendidikan nu langkung
luhur, mung mangrupina kabiasaan sareng waktos harita, ngajantenkeun anjeunna
henteu diwidian ku sepuhna. adat-istiadat nu lumrah di tempat babarna
nyaeta dimana hiji wanoja atos rengse namatkan sakola di tingkat sakola dasar,
kedah ngajalankeun masa pingitan dugi ka waktosna pikeun rimbitan.
Ninggal
kaayaan di nagarana nu sapertos kitu, kartini kagerak hatena pikeun
ngalepaskeun kaumna tina diskriminasi anu tos ngabudaya dina zamanna. Ti kawit harita, anjeunna gaduh
kahoyong sareng tekad nu kuat kangge ngadegkeun sakola pikeun ngamajukeun
wanoja Indonesia nyaeta kucara ningkatkeun tarap pendidikan para wanoja.
Pikeun
ngarealisasikeun cita-citana eta, anjeunna ngawitan ku ngadegkeun sakola kangge
anak gadis di daerah babarna, Jepara. Di eta sakola anjeunna ngajarkan
palajaran ngaput, nyulam, masak, sareng rupi-rupi Sadaya katerampilan
didugikeun ka murid-muridna kalayan garatis. Kangge ngawujudkeun cita – citana
eta, kartini ngagaduhan tekad pikeun ngalajeungkeun ka Sakola Guru di Nagara
Belanda Kalayan dukungan ti rerencanganna urang Walanda, Nyi Ajeng Kartini
kenging beasiswa kangge ngalajengkeun sakola di nagara Walanda. Tapi, ramana,
Raden Adipati Joyodiningrat, Bupati di Rembang, teu ngawidian anjeunna.
Malah ramana ngahalangan tekadna ku cara maksa RA Kartini supados rimbitan.
Saatos atos
nikah, anjeunna masih ngadegkeun sakola di Rembang salian sakola di Jepara nu
atos didirikeun sateuacan rimbitan. Naon nu atos dipilaku RA
Kartini estu langkung Seueur pangaruhna kangge kebangkitan bangsa urang.
Mingking bakal langkung ageung sareng langkung seueur nu dipilaku ku anjeunna
kangge kamajuan wanoja Indonesia.
Habis Gelap
Terbitlah Terang, nyaeta judul buku tina kempelan serat-serat Raden Ajeng
Kartini nu kakoncara. Serat-serat nu diseratkeun kangge sobat-sobatna di nagara
Belanda. Buku eta janten ngahudanggkeun sumanget para wanoja Indonesia dina
merjuangkeun hak-hakna. Perjuangan Kartini teu ukur diserat di luhur kertas
tapi dibuktoskeun ku ngadegkeun sakola gratis pikeun anak gadis di Jepara sareng
Rembang. Ngemutkeun ageungna jasa Kartini netepkeun kangge bangsa urang nya
atas nami nagara, pamarentahan Presiden Soekarno netepkeun Kartini mangrupi
Pahlawan Kemerdekaan Nasional tur netepkeun dinten lahir Kartini, tanggal 21
April, pikeun dipikaemut unggal taun nu saterasna dikenal mangrupi Dinten
Kartini.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar